KATRESNA URANG DÉSA
KU: INGGRIT AMÉDIA
KELAS XI IPA 1
“ Oray –
orayan…
Luar – leor
mapai sawah,,,
Tong ka
sawah,,,,
Paréna keur
sedeng beukah,,,”
Asa kakara kamari kuring ulin-ulinan kénéh.
Jeung barudak salembur, sapergaulan. Jeung Jepri, Agung, Karti. Kartini,
Ningsih, jeung barudaj séjéna. Di tegalan anu pohara lagana. Lembur anu pinuh
kabungahan. Sawah ngampar ku éndahna, tatangkalan nangtung ku ajegna, taneuh
maneuh jadi panincakan, nyiur angina ngaeancah kulit ku lemutna, dadaunan silih
témpas ku ngémplohna. Di tempat ieu kuring dilahirkeun kunu jadi inung jeung
bapa. Digeudékeun ku kanyaahna, dibeukeulan ku do’ana, disambut ku kasonona.
Poé ieu kuring ngadeg di tegalan tempat kuring
ulin ulinan. di hareupeupeun tatangkalan ngajajar ncarang ku parobahan, lieuk
ka kénca – katuhu, usum panén kasangga. Sanajan aya salah sahijieun anu geus
robah, tapi kuring teu kawasa nahan kabungahan. Asa Bilatung ninggang Dagé.
Bisa nincak deui taneuh kalahiran, kabanggaan balaréa. Teu kagok – kagok kuring
gorowok – ngagorowok, kulih ku bungahna. Teu lila jep jempé!!!!! éstuning
sakabéh alam jeung sakabéh eusina ngartieun yén kuring keur hayang ngarasakeun
éndahna alam.
Tapi kalangkang geus nunjukeun leuwih pondok
tina jangkungna awak kuring, nandakeun yén wanci tunggsng gunung geus datang
dimana poé rék geus surup. Tungtungna kuring mutuskeun keur neruskeun ka imah
ema jeung bapa, geuning ari kana kabungahan mah maktu téh asa sakedeung. nepi
ka poho kana tujuan saenyana can kan tohonan.
Teu lila, kuring tepi di pakarangan imah
kusabab jarak ti tegalan ka imah téh teu jauh.
Kuring bungah, dihareupeun kuring ayeuna
kasangga imah saderhana, anu asana pinuh kahaneutan. Imah leutik, anu teu
mumuluk, di jepona ngan aya dua kamar saré, sumur, dapur, rohangan tamu anu
saayana. Tapi éta teu jadi pasualan gedé, malahan kuring bungah kusabab ti
dinya kuring bisa hudang tina sikep waregah, ti dinya kuring miboga motivasi nu
matak ngajadikeun kuring sumanget néangan élmu. Tina peupeurih kuring mangkat
keur ngabanggakeun ka nu jadi inung jeung bapa. Keur pikabungaheun di masa
depan. Da jelema mah Bobo Sapanon Carang Spakan eweuh nu sampurna.
Namung ieu kuring, “ SUDIRMAN”!!! Jelema nu rék ngangkat harkat jeung
martabat urang désa.
Tuluy kuring ngetok panto sabari ngucapkeun salam,,,
“ Assalamualaikum…”
Rada lila ewueh jawaban nepi ka tilu kalian..
“ Waalaikumussalam..” ( di barengan ku brayna panto muka)
“ Ujang..” ( awak kuring di tangkeup,, karasa cucuran cai mata tin
nu jadi inung).
Kuring teu kawasa nahan kabungah ogé kasedih. kabungah kusabab bisa
patepung jeung kulawarga, kasedih kusabab can bisa ngabungahkeun kadua na.
Tuluy kuring sasalaman bari ngarangkul bapa.
“ kumaha damang ema,,??? Bapa???”
“ Alhamdulillah, kasép,,
“Sok asup atuh.. ayeuna mah istirahat heula sing jongjon.. tong
poho solat!!!. ema jeung bapa rék solat heula”..
Kuring diuk dina korsi anu geus lépét, tur
warnana saeutik pear. Di dinya kuring ngahuleung, asa teu nyangka bias patepung
ngumpul jeung kulawarga deui. Di luar, poék mongkléng kusabab ngan di
pakéan hiji lampu. Dina méja kasampakeun sasikat cau lampung, samanggar salak,
ngagolér salempéng bako deukeut asbak nu geus pinuh ku reuhak, teu ka
liwat tilu hulu kalapa nu geus ‘siap santap’. Kuring gé teu apal kunaon masang
beut bisa kitu. Naha ema-bapa téh apal yén poé ieu kuring mulang, atawa
teu dihaja – haja? Laaah… tapi teu kunanaon ogé da éta teu jadi masalah. “Heeuh
kuring ngan ukur panasaran’. Teu lila ti dinya ema jeung bapa datang. geus
apaleun yén kuring can solat.. ema tuluy nitah kuring solat.
Saba’da solat, tuluy kuring, ema, jeung bapa
ngawangkong ( ‘sosonoan minangka namah), aya dulur dulur, babaturan tatanga
anu dararatang), teu poho sabari nginum cai kalapa babarengan (geus jadi
kabiasaan, lamun ngumpul téh sok sabari ngaleuguk cai kalapa)
Wanci janari
leutik..
Angin isuk anu tiis nyerepcep ngarancah
kulit, kuring hudang tuluy ka cai, wudu keur solat subuh, balik ti cai tuluy ngahudangkeun
ema jeung bapa. Saba’da solat, kuring mukakeun jandéla. Cerepcep tiis..
lemut angina ngarancah kulit, panon poé can pinunjul keur ngahaneutan. sora
manuk wik – wik ngagebrahkeun/meucahkeun katenangan isuk ieu.
Kadéngé sora urang pangajian di masigit
peuntas.. Kuring nongkrong dina jandéla, ngarasakeun éndahna, segerna waktu
isuk di padésaan ieu. Béda jeung di kota. isuk isuk kénéh geus loba
kandaraan anu ‘lalu lalang’ ceuk basa Indonesia na mah. Segerna isuk
tei karasa, angin isuk téh sarua jeung polusi. di dieu kuring bias narik napas
panjang di barengan ku nutupkeun panon, rasana segerr pisan, ni’maaaaaaat anu
teu bias di rasakeun kunu ngasaan. nikmatna angina kampong. hirup asa pinuh ku
katenangan, asa eweuh beban. “Subhanallah. ”Bener ni’mat Allah mah eweuh nu
nyaingan komo deui ngéléhkeun.
Panon poé isuk geus pinunjul. cahaya na
ngarambat ka jeuro kamar, nandakeun poé geus datang. poé ieu kuring rék
nepungan babaturan da ceuk ema ogé kabéh gé araya di kampong, kabeunuran pisan
kuring mulang téh.
Bada nyarap kuring ménta idin ka ema jeung ka
bapa, pimaksud rék nepungan babaturan, tatangga, jeung dulur-dulur, hususna anu
teu ka imah tadi peuting. Dimimitian ti imahna mang Beni bapana Karti
jeung Kartini. kasampangkeun Kartini keur sasapu di pakarangan imahna. Ari
lieuk ka korsi hareupeun imahna, Karti keur lungsé sabari ngaguntingan kuku.
‘Kang Imaaaaan,,,” geuro Kartini. manéhna
nyampeurkeun tuluy sasalaman. mung ari si Karti mah jongjon wé, manéhna ngan
ukur ngageuroan, “ kadieu kang iman!!!..” bangun- bangun teu sonoeun, tapi teu
nanaon hade – goréng gé dulur sorangan. Kartini mawa kuring ka tepas imahna. Bari ngaeuroan
indung- bapana.
Ti imah Mang Béni, tuluy kuring ka imah Agung
( sobat),, kasampakeun téh manéhna keur jongjon ngélégan manukna . Manéhna
ngalieuk. “Imaan..” manéhna nyampeurkeun. gerewek téh manéhna nangkeup. Karasa
bungah kawanti wanti bisa papangih jeung sobat baheula… nggeus ngawangkong,,
tuluy kuring jeung Agung nepungan babaturan séjéna. Ngan si Agung keukeuh
hayang ka imah Ningsih heula. Geus ‘kangen” cénah.
Sapaparat jalan kuring jeung si Agung teu
eureun – ereun ngawangkong, ti mulai pangalaman manéhna,, babaturan anyarna,
kuliahana, pagawéana,, lah loba pokona mah,, anu teu ka liwat,, manéhna
nyaritakeun néng Ningsih . Sihoréng téh, manéhna geus jadian jeung Ningsih..
paingan atuh titatadi kulih ku keukeuh hayang ka imah NIngsih heula.
(…)
Imah demi imah geus katepian.. pamungkas,
ayeuna kuring jeung si Agung aya di hareupeun imah si Jepri. Da di si Jepri mah
lalega, lalues keur ngumpul,, jeung di jamin moal kudu kalaparan deuih ceuk si
Agung ogé,, ditambah deui di si jepri ayeuna geus aya adi na nu karak mulang ti
Belanda,rupana geulis kawanti – wanti. Sabenerna kuring teu pti minat ka urang
luar negri,, tapi teuing kunaon pas ngadéngé si Agung yén adi na si Jepri
geulis na kawanti – wanti kuring jadi panasaran. Teuing aya angina ti
Beulah mana iyeu téh…
(Kuring
pencét bel imah si Jepri.)
Munggggggg.. teuing ieu ngimpi, hayalan,
atawa kanyataan,,, nu pasti di hareupeu itu aya awéwé nu leuwih pantes di sebut
bidadari. Kuring melong ku kasemsem na. Anu katempo, buukna sumu péang,,
panjang ngarumbai, galing muntang, gomplok, nyacas caang, kapantulan panon
poé.. Halis hideung meles ku namplokna,, panon hurung ku sumu kabiru – biruan
nambah ka asriana na, irung bangir, pipi konéng, biwirna beureum euceuy ,, ipis
nyempring,, bangun amis kareueut, gado
cameuh ku méncosna, waos na rapih, bodas nyacas, di pandang tina sakabéhna awak
lenggik- sampulur, kulitna konéng umyang.. suku acer. "Subhanallaaaaaaaaaaaaahh…"
ciptaan Allah ku néndah pisan.
Kuring teu sadar yén kuring melong hamper lima menitan.
Teu kuat nahan kaéra kusabab éta bidadari geus aya dihareupeun panon. Si Agung
buru – buru ngagebrag awak kuring,, untungna juring teu goléprak waéh labuh.
Teuing ti iraha manéhna ngaéjaan, nu pasti mah ayeuna kuring keur bener - bener
éra, TITIK.!!!
‘geef ka..”,,,” éh
ma ng ga… le…bet… kang…”
Manéhna tuluy nggeuroan lanceukna
“Er jeferey oudere gasten..”
“wie..?/
Ceuk sora di jero ngajawab, lah teuing naon atuh nu kaharti téh
cénah ‘saha’. meureun kitu ogé.
“wat is je
naam??//.. éh
sa..ha… na…….mi a..kang.. akang…”
“ Agung sareng Iman neng.” Jawab Agung..
Ngomongna garap nyirikeun can lancer nyarita basa sunda. Tapi
bener ceuk si Agung, adi na si Jepri geulisna kawanti–wanti lir Ratu Cleopatra
minangka namah.
“ Iman én Agung..”
“oh,,, wacht eens even!!..
Jawab sora anu di jero,
Teu lila si Jepri datang, awak gedé-jangkung na nyampeurkeun.
leungeuna teu kosong, manéhna mawa buku, banguna mah buku album poto.
“Iman???/” manéhna bungungeun kénéh, (matak nanya ogé meureun)
Gerewek wéh manéhna nangkeup, Sabari ngeuplok–ngeuplokeun
leungeuna ka tonggong kuring.
“ kumaha
cageur man,,??? Mani betah pisan di dayeuh téh.”
“lah si Iman
mah pohoeun jalan balik” témal Agung.
“yéh lain
kitu sobbbbb, Lain urang poho atawa mopohokeun, mung urang hayang soson–soson
néangan élmu, urang emung waka bubungahan, sa encan tujuan ka taékan, barina
diditu gé urang teu ulin-ulinan, atawa néangan pangarti hungkul, iwal ti
néangan pangarti urang diditu sabari usaha keur kabutuhan sapopoé. da tina
béasiswa hungkul mah teu nyukupan. Urang emungbalik mawa leungeun kosong, urang
hayang balik mawa hadiah kabungah keur ka nu jadi indung jeung bapa.. tapi,,
éta maksud can laksana,, kusabab ayeuna urang balik lain sabab geus hasil..,
tapi keur nohonan kagiatan néangan pangarti… kabeuneuran pisan urang di
tempaetkeun didieu…” jelas kuring ka si sobat.
Tapi teuing kunaon éta budak dua kalah
seuseurian.. ngakak malaham. Teuing aya nu salah tina omongan kuring atawa naon.
Lah nu jelas mah éta budak dua nu salah. gerents kuring dina hate).
“Williana,,,, gelieve brengen ons drankjes en hapjes!! Ceuk
Jepri ka adi na.. (oh jadi ngaran na ‘Williana’ ceuk kuring dina hate)..
‘ja..” sora halus ngajawab….
(aduhh éta
sora bidadari…) gerentes kuring..
“tah jep,,,
si Iman bogoheun ka adi manéh..” ceplos si Agung eweuh beban…
Kuring ngan bisa nincak sukuna kulih ku kesel,, bari éra.
Si Jepri ngan némbongkeun huntu nu ngajajar
rape tur bodas nyacas.. ma’lum ari orang ay amah kaurus nanaon ogé. Bangunamah
manéhna ngartieun. Untung deuih si Jepri satujueun,, malahan manéhna jangji rék
ngajadikeun,, tapi moal kudu make paksaan.
Jol téh neng Williana, bidadari nu turun ti kayangan…
“Williana,,, zitten hier voor een minuut!.”
Ceuk si jepri ka adi na. Aduh kumaha iyeuh, kuring jadi teu puguh
rarasaaan kieu.. sabat neng Williana diuk di hareupeun kuring pisan.. “sok atuh
man tanyaan meumpeung aya”.. ceplos si Agung ewwuh beban pisan… kuring tru bisa
nahan ka éra.. beungeut asa daya nu nalukan cét beureum.. ( ya Allahh.. Gusti..
tulungan kudu kumaha iyeuh..????))
Néng Williana tungkul bari nyeukeulan baki héjo.
“néé….é..ng
cantik sekali…” celetuk téh kaluar caritaan anu teu di haja-haja.
“oh nu..hun
kang” jawabna.. Ngadéngé sora éta kuring gé jadi ngarasa leuwih tenang.
Ti dinya kuring ngawangkong jeung neng
Williana,, ku sabab si Agung mah anteng wé jeung si jépri.. kaéra kuring piceun
jauh – jauh.. nu aya ayeuna mah rasa kabungah bisa ngobrol jeung néng
Williana.. ‘walaupun’ aya hiji, dua basa anu teu kaharti. Teu karasa poé geus
nunjukeun jam 3 soré. Waktuna kuring mulang. Tungtungna kuring nungtungkeun
wangkongan kusabab geus sore.
Satepina di imah, kuring tuluy ka kamar..
kusabab ema jeung bapa masih aya di masigit peuntas keur pangajian cénah . Di
kamar kuring teu kawasa nahan kabugah,, kos budak leutik kuring ajléh-ajléhan
teu pararuguh,, sabari cungar-cengir sorangan.
Kuring ngahaleuangkeun lagu ‘cinta’ nu sok dinyanyikeun
ku Heti K.éndang. éta ogé saapalna.
…(aduh aduh
cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona...
Ngan sakitu anu bias kuring haleuangkeun.. peuntas solat magrib
kuring langsung dug saré kusabab perjalanan tadi nyapékeun pisan.
****
ayang teuing buah muris,,,
Teu bias ngasakanana,,
Haying teuing kanu geulis,,
Teu bias ngakalanana.”
Kudu kumaha deui kuring nunjukeun rasa
katresna ka néng Williana. geus 3minggu kuring usaha. Ayeuna waktuna tinggal ngungkapeun
pimaksud. Naming asa na hésé pisan. Leuwih hésé tibatan kudu néangan duit. “
aduh,, alaaah,,, iyeung,,, kudu kmaha deui urang, Jepri,, Agung”.
“naha ari manéh Iman. Kantun wé jelema
boga pangarti. Ngan kitu waé ogé mani hararésé, tinggal ngomong nu saenyana!..”
ceuk Agung,. Sorana bangun anu geureugeuteun.
“Man dijamin adi urang gé resepeun ka manéh,, sok ayeunamah
sampeurkeun. Jelemana aya di pakarangan tukang” teges Jepri.
Kusabab kuring lain jelema anu hade kata hade
basa. Komo deui dina urusan ‘percintaan’. Tungtungna dina ungkara ngungkapkeun
pimaksud hate,, kuring teu make panganteur,, atawa naon lah sajabana. Kuring
ngan bias ngomong
‘Ik hou van jou,,
Williana”..
sabari ngageuteur kuring ngaluarkeun éta babasaan.
Beungeut au asalna konéng umyang.. ayeuna geus jadi sumu
kabeureum-beureuman. Dibareungan ku rasa éra tungtungna manéhna ngajawab.
“Ik hou ook
van jou…
kang Iman..”
Teuing aya angina timana. Kuring tuluy
nyeukelan leungeuna pageuh-pageuh. Kuring tuluy ngajak manéhna keur
nyampeurkeun si Agung jeung Jepri keur mintokeun rasa kabungah anu kawanti-
wanti. Geur téh naon coba anu kasampak. Sihoréng téh si Karti keur ngadat,
ceurik aung-aungan. Ceuk si Agung mah manéhna teu ridoeun si Jepri jadi ka adi
na ‘Kartini’. Kusabab kuring amangna. Kuring kudu bisa ngarampungkeun ieu
pasualan. Munggaran, kuring kudu ngumpulkeun anu jadi subjek dina pasualan éta.
Kuring nitah si Agung keur néang si Kartini. Sanggeus kabéh ngumpul. Kuring
ngamimitan. Kuring nanya ka Karti heula.
“Karti, ari
manéh kunaon make beut kudu ngadat kawas budak leutik waé?”
“ tah
kang si Kartini anu ngamimitian na, manéhna ngareubut kang Jepri ti Karti.”
“beuneur
kitu Jep?”
“ Nah ari
manéh percaya wé ka omongan jelema kitu. Mit amit pisan. Resep gé heunteuurang
mah, namug lamun ka néng Kartini mah heueh.."
“ yéh ari si
akang, arti mah geus sapenuh hate cinta ka akang. Ah pokonamah Karti mah teu
rido mun kang Jepri bet jadi ka si Kartini.TITIK”
“enggeus-enggeus
Karti ulah sok maksakeun kahayang sorangan, pan tadi si Jepri geus ngomong yén
manéhna ngan hayangeun ka Kartini. Geus ayeunamah tarimakeun anu aya. Pan si
Mamad geus lila nungguan manéh.”
Si Karti indit bari ngajingjing samping. ngagugusur
sendal. Di imah Jepri ayeuna geus aya tilu pasang pipanganténeun. Kuring jeung
néng Williana, si Jepri jeung Kartini, Agung jeung si Ningsih.***
Di panungtung kuring ngjak néng Williana ka
tempat anu jauh ti barudak séjéna. kuring tungtungna kudu ngomong, yén ngan
ukutr tinggal 2 poé deui kuring dieu. Kuring kudu balik kakota parahiangan
keur nuntaskeun kawajiban kuring néangan pangarti. Néna Williana ngan ngomong/
“ enya
mangga akang.. asalkeun tong hilap ka enéng wé..”
omongana manja tur ancad laér. Ti dinya kuring bener – bener yakin
yén néng Williana jadi nu munggaran ogé nu pamungkas.
“Ik kom
terug,,, voor u Williana…” Dibarengan ku kabungah ahirna kuring bisa ningalkeun kulawarga,
dulur-dulur, ogé Williana.
*ema, bapa kuring jangji bakal balik mawa kabungah nyéta buah
néangan pangarti anu muaskeun,,,
*désa Katineung, kuring jangji bakal balik keur ngarobah harkat
jeung martabat balaréa.
*sobat, kuring jangji bakal balik keur ngléngkah babareungan nitih
masa depan..
*Williana,,, Ik beloof,
zal, terug,,, voor je lieve..
*carpon (cerpen dalam bahasa indonesia) ini dibuat untuk tugas basa sunda kelas 11, dan dipublikasikan pada tanggal 7 Mei 2010 diblog usangku.
#Inggrit #Amedia #InggritAmedia #contoh #cerita #pendek #carpon #sunda #katresna #urang #desa